Senin, Agustus 30, 2010

Prikitiw

Dodo Mulyana jeung Ibu Engkom Komara ngarasa bingung mere ngaran ka orok lalakina nu kakara lahir. Rek dingaranan Robby Darwis, sok sieun geus gedena eta orok teu bisaeun mengbal. Rek dingaranan Acil Bimbo, bisi jagana teu bisaeun nyanyi. Rek dingaranan Silvester Stallon, sok sieun engkena teu bisaeun nyarita basa Inggris.

Tungtungna eta orok anu lahir tanggal15 November 1976 di Cimahi teh dingaranan . . . Sutisna, nurut buat ka ngaran tatanggana anu harita milu nungkulan orok lahir, nya eta Ibu Erum, Ma Encah, Kang Tabrani, Pa Guru Ili jeung Ceu Esih. Tina eta ngaran-ngaran digabungkeun terus disingkat jadi . . . Sutisna ! Henteu nyambung ? Nya sambungkeun we atuh, da babari ieuh !

Biasa we, saperti kailaharan barudak, keur leutikna Sutisna teh can kaciri pi-jadi jalma-eun. Malah bisa disebutkeun kaasup budak baong tur harak. Bakat ku baong-baongna, diantara dulur-dulurna nya Sutisna anu mindeng disiksa ku Pa Dodo teh. Tapi sanajan mindeng disiksa, angger we kabaongan Sutisna teu euih-euih.

Bedana jeung budak nu sejen, sajaba ti baong teh Sutisna mah . . . nongtot leho. Lantaran kitu, rea babaturanana anu embungeun ulin jeung manehna, da sieun kalehoan. Ku bapa jeung indungna, mindeng pisan Sutisna dititah nyusut leho. Bakat ku mindeng-mindengna kolot Sutisna nyebut “Susut Leho”, ahirna eta budak nu kiwari jadi pelawak top (lain top badak top maung) teh dilandi jadi Si Susut Leho, disingkat . . . Sule ! Nyambung nya nu ieu mah ?


Di handap wawancara Girang Nampuyak Majalah Cakakak, Taufik Faturohman jeung Sule. Nyanggakeun !

Cakakak
Naha enya Sule teh wancahan tina Susut Leho ?
Sule
Ih, ma enya teu percaya, apan abdi mah tara ngabohong kakapeungan ? Sabenerna eta teh rusiah, da ngan ka majalah Cakakak dibejakeun teh. Ka nu sejen mah dibuni-buni, da era, ma enya artis sohor keur budakna nongtot leho ?

Wawancara salengkepna tiasa diaos Didieu

Sumber : Majalah Cakakak


Asdansbacktonature

Langganan Majalah Cakakak Digital : Klik Didieu

Baca Selengkapnya..